Biantara atawa pidato teh nyarita di hareupeun balarea dina raraga nepikeun informasi atawa hal-hal anu kaitung penting dipikanyaho ku batur. Jalma nu ahli biantara disebutna orator. Upamana wae Ir. Soekarno jeung Ir. Otto Iskandardinata, duanana oge orator nu kakoncara.
Aya Sawatara teknik dina nepikeun biantara :
- Kahiji : Biantara teh bisa ditalar (ditambul) henteu nyieun naskah heula. disebutna Ekstemporan tapi bisa ge nyieun naskah heula tapi di hapalkeun ti samemehna
- Kadua : Biantara teh bisa ukur nyiapkeun naskah gurat badagna (intina) wungkul, lantaran dadakan dititah biantarana. Disbeutna Impromtu.
- Katilu: Biantara nu naskahna dibaca. Biasana dina biantara resmi.
Dina Nepikeun biantara aya sawatara hal anu perlu diimeutan, diantarana :
- Kudu parigel muka biantara. Biasana mun bubukana ge alus, batur bakal kataji.
- Jelas nepikeun eusi biantara. sora(vokal) kudu ngoncrang tur bentes. Ulah laun,oge teu meunang cocorowokan siga jalma stres.
- Ngetep-seureuhna nyarita. Eusib biantara ku undel. Ulah ngayayay panjang teuing. ari eusina teu puguh.
- Pasemon (mimik) kudu luyu jeung eusi biantra nu ditepikeun. Mun esui biantara teh banyl , tangtu we pasemon ge kudu nembongkeun heureuy. Sabalikna mun eusi binatra daria, pasemon ge kudu nembongkeun kadarian.
- Parigel nutup biantara. Biasana mun panutupna alus, sok neundeun kesan ka nu ngaregpkeunana.
- Bubuka, dimimitian salam bubuka, laju kana nepikeun salam tur muji sukur ka Gusti Alloh SWT. Aya oge nu sok ngadugikeun solawat salam ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Lamun perlu dina bubuka oge dibejakeun jejer atawa tema anu rek ditepikeun dina biantara.
- Eusi,ngeunaan maksud atawa informasi nu rek ditepikeun. Sipatna bisa mere beja, ngageuing, mere pituduh jeung saterusna.
- Panutup, pamungkas biantara anu esina kacindekan jeung saran-saran satuluyna dipungkas ku salam panutup